Salaku Urang Sunda anu cicing di daerah wates antara Jawa Barat jeung Jakarta, miara kasundaan di lingkungan estu lain pagawean enteng-enteng. Anu pang gampangna mah dina masalah basa. Miara basa di tempat di mana kalolobaana jalma teu make eta basa estu susah. Padahal sacara pormal, di sakola-sakola anu aya di tatar Sunda, umumna Basa Sunda tetep ngarupakeun salah sahiji mata ajar anu diayakeun di sakola.

Mun ditalungtik kunaon gerakan-gerakan local saperti Kasundaan estu kurang ajen, boh di Tataran Nasional atawa di local sorangan, memang rada hese. Kasundaan atawa ampir kabeh gerakan anu sipatna lokal memang nyinghareupan kendala anu sarupa. Jadi lain di urang oge, tapi di dunya anu mana bae.

Kanibalisasi budaya estu lain barang aneh. Jeung memang, salaku jalma modern, urang teu kudu sieun mun proses kanibalisasi oge jadi ‘jurig’ anu terus mantengan budaya Sunda. Tinggal naon anu kudu dikuatkeun sangkan budaya Sunda teu leungit dikanibal ku budaya sejen.

Ekonomi jeung Pulitik

Sok sanajan teu sederhana, sabenerna mun dilenyepan, gerakan ekonomi jeung pulitik ngarupakeun instrumen anu pangkuatna jang miara budaya. Sederhanana urang ngeunteung dina budaya pop anu ayeuna tumuwuh di mana-mana. Kunaon budaya eta jadi ‘rujukan’, maroji’, atawa reperensi budaya kiwari, sabab budaya eta ditumpangkeun kada sistem ekonomi anu ayeuna aya.

Coba bae tinggali, naon istimewana baju anu rada morosot anu ayeuna keur loba dipake ku nonoman? Kitu deui, naon istimewana make calana pendek jang wanoja anu taun 2009 meh jadi benchmark papakean?

Dua hal anu jadi conto istiwewa di luhur kusabab urang sacara jentre ninggali mun produkna dikawinkeun kana sistim ekonomi anu aya. Coba mun sacara ekonomi make calana rada morosot jeung calana pendek teh teu nguntungkeun, pasti saeutik anu make, anu akhirna teu ngajadikeun heuyah ekonomi.

Sabenerna dina conto anu rada sederhana, kumaha ekonomi numpang kana kakayaan lokal geus diterapkeun. Ngan can gede. Sabage conto mun urang ka Garut (da eta conto anu katinggali pisan ku kuring) aya provider komunikasi, dina ha lieu XL jeung Kartu AS ngagunakeun basa Sunda dina kampanyena. Kitu deui di Rangkas atawa Lebak Banten. Kartu Tri malah nampilkeun Urang Baduy (Suku Rawayan) jang modelna bari make basa Sunda dina spanduk anu aya.

Si Kuring ngabayangkeun coba mun kabeh produk iklan anu aya—minimal dina wewengkona—boh anu produk elektronik—iklan di Radio, TV, internet—jeung iklan di media ruang—koran, majalah, jeung billboard—kudu ngagunakeun basa lokal atawa basa satempat. Pan lumayan.

Kitu deui dina pulitik. Di tataran Sunda, Kasundaan memang teu sateuas di daerah sejen. Sok we buktikeun, ti 100 persen wakil daerah pemilihan anu aya di wewengkon Sunda, naha kabeh Urang Sunda. Kuring kaasup anu liberal mun Kasundaan dina pulitik teu kudu diwakilan ku getih (nasab) tapi ku sumanget jeung loyalitas. Jadi Urang Sunda sacara pulitik cukup ku mun eta wakil atawa sulur urang di DPR teh aktip nyorakeun kapentingan rahayat Sunda, tur rahayat Urang Sunda. Harti konkritna nyaeta sing saha bae meunang jadi wakil Urang Sunda sacara pulitik salila maranehna ngabogaan niat jang ngamajukeun Tatar Sunda katut Indonesia.

Stratehi Kabudayaan

Kumaha stratehina sangkan gerakan ekonomi pulitik kasundaan teh bisa jalan bari mulus?

Mun diringkeskeun, umpama urang rek ngajadikeun inti budaya Sunda aya dina gerakan ekonomi-pulitik, urang kudu balik deui kana hal anu kacida pentingna dina kahirupan urang nyaeta atikan.

Salila ieu, kasundaan jadi jauh malah ti Urang Sunda sorangan ku sabab atikana salah lampah. Conto kongkret misalna nalika atikan diajarkeun salian ti saeutik pisan anu make basa sorangan—malah salian ti mata pelajaran basa Sunda ampir euweuh–, tapi pan bisa mun urang ngagunakeun conto-conto anu aya di sabudeureun Urang Sunda dijadikeun conto. Minimal, ngagunakeun istilah Sunda—boh tempat atawa kajadian—bisa mere palajaran jang barudak ngenaan kakayaan Sunda anu aya.

Implikasina, sadaya pihak anu pakuat pakait jeung Sunda kudu ngariung deui. Ngarumuskeun arah jeung sistim atikan anu aya di wewengkon Urang Sunda, katut ngaevaluasi sakabeh kurikulum anu aya di sakola-sakola. Conto, intina tetep diajar fisika, tapi conto anu dipake kudu pakuat-pakait jeung budaya atawa khazanah Sunda.

Memang ieu lain pagawean enteng jeung leutik. Tapi mun pamarentah daek ngamimitiana, teu aya istilah telat. Komo deui mun urang bisa nyieun ‘terobosan’ jalan anyar jang sistim atikan di Tatar Sunda. Ieu bisa disebut salaku jalan anyar gerakan kabudayaan.

Kacindekan

Nangtukeun arah Urang Sunda memang lain wewenang pamarentah atawa saha bae—tapi Urang Sunda sorangan. Tapi teu aya salahna, salaku pamimpin di Tatar Sunda, Pamarentah jeung sadaya pihak ninggali yen kabutuhan miara Kabudayaan Sunda geus ngarupakeun kabutuhan. Kabutuhan keur nanjeurkeun ajen Kasundaan ngarupakeun amanat budaya keur saha bae anu ayeuna jadi kapercayaan rahayat. Sabab dijerona nembongkeu kautamaan-kautamaan saperti identitas kasundaan.

Tah kusabab kitu, geus waktuna mun urang ngalakukeun hal anu pundamental, nyaeta ngarevisi sakabeh sistim anu mere dorongan kana kabudayaan Sunda. Dina ha lieu sistim atikan. Salian ti eta, pamarentah, salila teu ngalanggar katangtuan hukum, bisa ngaupayakeun ‘kampanye terselubung’ dina media-media anu bisa digunakeun jang miara budaya.

Man jadda wajada”, saha anu keyeng tangtu pareng, ceuk paribasa. Hartina, mun urang nempo ieu lain gerakan anu leutik, estu sabalikna ngarupakeun gerakan gede, teu kudu rempan mun urang wani ngamimitian ti ayeuna. Mun nyutat kasauran tokoh Sunda bari ulama Aa Gym, urang ngawitan ti nu gampang; ti nu leutik; ti ayeuna keneh. Cag!

Catetan: Tulisan ieu kungsi medal dina majalah sunda BALEBAT

Ditulis ku Tantan Hermansah